Gunem catur nu talandur
Kahirupan urang lembur
Ngolah sawah subur ma’mur
Langit lembur rupa bungur
Kaendah hamo kaukur
Ciptaning Nu Maha Luhur
Alloh Robbun Gofur
Lembur….lembur…
Banjar karang pamidangan
Lembur….lembur…
Usik diri lemah sarakan
Muga teu robah kahirupan
Najan kalindih wanci kaered jaman
Angger tengtrem kamarasaan
Angger midang dina rohmat Pangeran
Sajak Cigentur | 1995-2005 | DEDEN KUN KUN KURNIAWAN S.Pd.I