Hirup gotong royong sauyunan tur budi anu someah Kudu jadi ciri urang salarea. Hiji kabanggaan kudu salawasna dijaga ulah nepika luntur ku budaya luar. Jati kasilih ku junti, generasi anu teu nyaho kana jati diri.
Ngamumule alam geus sapantesna dilakukaeun ku urang, sabab alam anu geus mere kahirupan ka urang. Ulah nepi ka alam nimbulkeun mamala sabab ku urang diruksak nu ahirna jadi bencana ka urang balarea.
Sauyunan jeung sabilulungan ngandung harti ngahiji babarengan pikeun ngahontal hiji pamaksudan atawa tujuan dina nyiptakeun rupa-rupa hal pikeun kapentingan salarea tur balarea , antara pihak masyarakat jeung papada masyarakat deui atawa pihak masyarakat jeung pamarentah oge kitu deui sabalikna.
Sakumaha dina abad globalisasi kiwari ninggali kahirupan sabilulungan sauyunan bisa jadi mangrupakeun hal anu langka anu bisa katempo di lingkungan sabuderen urang khususna atawa lingkungan masyarakat nu leuwih gede pada umumna.
Hal anu leutik wae , rajeun pupuhu RW sarta RT sok ngageuing ka masyarakat dina saban saban lemburna masing-masing pikeun kerja bakti meresihan lingkungan pilemburan anu di mimitian ti imah na masing masing nepi ka jalan jeung susukan nu ngabogaan manfaat pikeun kahirupan di eta lembur, beuki kiwari ninggali kaayaan eta teh asa hese ninggali kakompakan pikeun digarawe gotong-royong ngarawat miara lingkungan babarengan, teu wae ninggali pikeun kolotna , masyarakat kaum muda-mudi nungarora keneh , anu masih garede tanaga nusakuduna keur mejeuhna mamayu digarawe ngan ukur hiji dua nu ngabogaan kasadaran pikeun ngalakukeun gotong royong samodel kitu. Memang eta teuunggal lembur masyarakat na kitu kabeh tapi bisa dimayoritaskeun nu kurangna kasadaran pikeun ngagawean hal-hal nu gotong rayong samodel nu kitu geus jarang.
Kuayana hal anu pakia-kia dina hal ieu bisa nimbulkeun teu kaharmonisan dina lingkungan,lain wae hal harmonisna khusuna papada tatangga sapilemburan tapi bisa wae nimbulkeun ka teuharmonisan antara lingkungan jeung masyarakat nu nyicingan eta lingkungan, contona bisa wae ku tara di urusna susukan pilembureun nimbulkeun caah nu bisa ngancam kahirupan pilemburan, tah mun geus kitu urang bakal kumaha? Rek nyalahkeun alam ?
Tidieu urang kudu muhasabah kana diri sewang-sewang dina masalah kasadaran diri pikeun hirup leuwih hade jeung tatangga, oge hirup leuwih hade jeung lingkungan sarta alam. Memang bener ceuk paribasa hirupteh kudu Hade gogog hade tagog, anu hartina kudu Hade basa jeung hade tingkah lakuna,
Hirup kumbuh make dasar gotong royong
(gotong royong ulah rek patonggong-tonggong)
Sauyunan reujeung batur silih rojong
(gotong royong persatuan masing tembong)
Silih sumbang sarta silih sokong
Paribasa “genteng ulah potong”
Gotong royong silih dogong (gotong royong)
Ngajauhan sifat bedegong.
Sauyunan jeung batur sabilulungan
(geugeut layeut sabata sarimbagan)
Silih asih tulung tinulungan
Eukeur susah jeung lara palangan
Nyumponan kautamaan (sahaluan)
Jeung papagon kaagamaan.
Gotong royong neguhkeun babarayaan
(ruing mungpulung sanasib saperjuangan)
Babarengan nyingkahan papaseaan
(babarengan ngabasmi pasalingsingan)
Hirup kumbuh layeut sauyunan
Silih tulung jeung silih ajenan
Moal aya barebedan (reujeung ichwan).
Nungtun teguh keur persatuan
Lembur urang,,,,Kampung urang,,,, Desa urang,,,,
rek kusaha lamun teu dimumule ku urang…….