Artikel
Hirup kumbuh make dasar gotong royong
(Bersama membangun desa,menciptakan tata kelola pemerintahan desa yang bersih,transparan,akuntabel dan partisipatif menuju desa membangun,mandiri dan berbudaya.)
Matak reu'eus tur bagja,mangsa sunda nguniang hudang makalangan di lemah caina sorangan,, Tandaning cahaya bihari ngancik ka wujud kiwari,,parahyang nu suci ngusikeun sajatining ati,ngobahkeun sajatining rasana para nonoman putra bangsa nu sajati nu nyaah ka lemah cai.. Geus teu ka halang ku pipinding,,jalan gede sasapuan Bray. . .ca'ang padang narawangan,nagara tanjung sampurna,, Teuneung,ludeung,reugreug tur panceg,, Wana,wani,wantun,,wana,wani,wawuh,,ting daleungdang papada mawa lalakon.. Dina pasorangan nu di sorang hasil sorangan,, Dina alam nu kasorang ngadalingding sora nu urang soranganna Panyeluk dulur sagalur nu sa asal,nu sabakal,nu sa tunggal,,tunggal ika mardhi ika,, Rahayu. . .sa agung dumadi,,
Hirup kumbuh make dasar gotong royong
(gotong royong ulah rek patonggong-tonggong)
Sauyunan reujeung batur silih rojong
(gotong royong persatuan masing tembong)
Silih sumbang sarta silih sokong
Paribasa “genteng ulah potong”
Gotong royong silih dogong (gotong royong)
Ngajauhan sifat bedegong.
Sauyunan jeung batur sabilulungan
(geugeut layeut sabata sarimbagan)
Silih asih tulung tinulungan
Eukeur susah jeung lara palangan
Nyumponan kautamaan (sahaluan)
Jeung papagon kaagamaan.
Gotong royong neguhkeun babarayaan
(ruing mungpulung sanasib saperjuangan)
Babarengan nyingkahan papaseaan
(babarengan ngabasmi pasalingsingan)
Hirup kumbuh layeut sauyunan
Silih tulung jeung silih ajenan
Moal aya barebedan (reujeung ichwan).
Nungtun teguh keur persatuan
Lembur urang,,,,Kampung urang,,,, Desa urang,,,,
rek kusaha lamun teu dimumule ku urang…….
Hayu urang sasarengan,,Sauyunan tur Sabilulungan.
jembar panghampura nu diteda.
pamugi tiasa dipalar mangfaatna.
HATURNUHUN.
Nurdin Hidayatulloh El-Ghifari
MONITORING DAN EVALUASI
BIBIT POHON BUAH-BUAHAN MURENBANG
PENGANGKATAN SAMPAH DI BENDUNGAN SUNGAI
RAPAT KOORDINASI DAN SOSIALISASI APLIKASI (SIKASEP)
PERESMIAN POSBANKUM DESA SE-JAWA BARAT
PEMBENTUKAN KELOMPOK TANI WANITA
PEMBIBITAN SAYURAN KELOMPOK TANI WANITA
HUKUM MENAHAN HAK ORANG LAIN DALAM ISLAM
VISI MISI DAN PROGRAM KERJA | DESA CIGENTUR 2020-2026
Fungsi, tugas, dan tanggung jawab Rukun Tetangga RT/RW
MEKANISME PENGANGKATAN PERANGKAT DESA BARU
MUSYAWARAH DESA (MUSDES)
ARTI SEBUAH KEBERSAMAAN
SKRINING PENYAKIT TIDAK MENULAR (PTM) PUSKESMAS CIPEDES
TERAPKAN 7 BUDAYA MALU
HARI KARTINI 2020
KEGIATAN RBM “ BANGKIT “ DESA CIGENTUR
Bimbingan Teknis Jaring Pewarta Dea
Menjadi Wanita Berdaya Melalui Pelatihan Tata Boga
PENGELOLAAN ASET DESA MELALUI APLIKASI OPEN SID (SISTEM INFORMASI DESA)

